Jumat, 01 Juli 2011

kiyeu geuning kanyataan nana
jalma anu di harep tiasa pakumaha
ayeuna geus jauh tapak jeung lengkahna
dininggalkeun rasa  kamanehna

kuring lain cicing atawa teu nyaring
kusabab hate karasa gering
teu karasa aya beurang jeung peuting
baturna sakur simut jeung samping

geus lah ayeumah arek hudang
embung siga munding na kandang
mikiran mangsa anu rek datang
sanajan acan ka sawang

teuing awak leutik oge
hate mah sarua wae
lain  hirup kumaha engke
ngan neang jalan nu hade

kuring ngan bisa nga du`a
mugi di tampa ku nu kawasa
sanajan can bener dina carana
nu penting geus usaha

geus  cekap  rag rag  cai mata
geus cekap bathin nalangsa
nga gebrah nu jadi rasa
sangkan moal bathin kasiksa